#Duriat Reuntas di Jalan (9) Ku: Tika Ihwatika POV : Isti Kurang leuwih 7 jam di perjalanan, alhamdulillah tepi ogé kuring ka Jakarta. Sakumaha rencana, kuring dijemput ku Téh Tia ka pool primajasa. Alhamdulillah karasa pisan kanyaah Téh Tia téh geus asa ka lanceuk pituin, keur mah kuring teu boga lanceuk awéwé nyakitu deui Téh Tia teu boga dulur awéwé, lanceuk jeung adina lalaki wungkul, matak pantes mun hubungan kuring jeung Téh Tia kacida raketna. Anjog ka imah Téh Tia, kuring dibagéakeun ku wa Ilis istrina wa Yaya nu nyampak keur ngais budak Teh Tia. Jigana sabot Téh Tia indit ngajemput kuring, budakna dititipkeun heula ka wa Ilis. Song kuring ngasongkeun leungeun terus cipika cipiki ngaleupaskeun kasono, laju sararéa arasup ka imah. Gék kuring diuk dina korsi ngareureuhkeun kacapé. Wa Ilis nu keur ngéyong-ngéyong budak Téh Tia naroskeun kaayaan mamah jeung bapa ogé dulur-dulur nu aya di lembur. Sakumaha ilaharna nu kadatangan ku urang lembur, wa Ilis bélémbém sagala d...