POV: Isti
Lain téga, lain deleka mun
pada akhirna kuring nyokot kaputusan sorangan ngabolaykeun rencana jatukrami nu
ngan kari sababaraha poé deui dilakonan. Kaputusan nu kacida beuratna, meunang
sababaraha kali mikir, dibulak balik dibeuweung diutahkeun. Rumasa mawa karep
sorangan teu mawa badami heula kanu jadi kolot terutama ka mamah, indung kuring
nu geus kacida nyaahna ka kang Ujang calon pisalakieun kuring. Ceuk pikir lamun
kuring nyarita atawa mawa badami heula ka indung pasti kana moal disaluyuan,
kulantaran geus tamplok kanyaahna ka kang Ujang. Di mata mamah mah kang Ujang
téh lalaki anu sampurna nu bakal cocok mun jadi salaki kuring.
Opat taun wawanohan jeung
kang Ujang, karasa pisan kanyaahna. Bageur, pinter jeung gedé pisan
perhatianana ka kuring. Ceuk cohagna sagala hal naon waé nu dipikahayang ku
kuring pasti ditedunan. Geus puguh ngajajap-jajap ka kampus atawa ka tempat nu
kuring aya perlu mah jigana téh ontime wé.
Kang Ujang téh tipe jalma
nu ngeunah diajak diskusi. Lain sakali dua kali kuring diskusi ngeunaan
sababaraha hal nepi ka sok debat pakuat-kuat argumentasi. Dina sababaraha hal
antara kuring jeung kang Ujang loba teu cocokna. Mun kang Ujang boga pendapat
A, kuring mah B. Tapi sok sanajan mindeng pagedrug faham tapi kuring ngarasa
nyaman babarengan jeung manéhna.
Sababaraha kali manéhna
wakca seja nyimpen katresna tapi ku kuring ditolak lantaran hayang fokus kana
kuliah. Kuring boga tanggung jawab nu gedé pisan lantaran bisa kuliah téh
alatan meunang béasiswa ti hiji yayasan swasta. Lamun kuring teu soson-soson diajar,
sok sieun prestasi kuring turun anu antukna biaya kuliah kuring dieureunkeun.
Bubuhan jalma leubeut ku
pangarti, kang Ujang ngamafhum pisan kana alesan kuring. Manéhna teu nyirikeun
rasa kuciwa alatan ditolak katresna ku kuring, sikapna biasa wé malah mah kalah
beuki bageur jeung beuki perhatian.
Ari kuring mah nya atoh wé
nu aya asa boga penyalindungan, keur mah hirup di Bandung téh ukur nyorangan
indekost jeung babaturan. Sakapeung sok ngarasa éra rumasa ku manéhna téh,
kuring jiga nu ngan saukur ngamanfaatkeun kabageuranana wungkul. Kadang sok
timbul rasa watir ka kang Ujang téh mun geus nyabit-nyabit soal babaturanana nu
tos karawin. Manéhna sok jiga nu mancing-mancing kamandang kuring tina perkara
ngarumah tangga.
Mun pareng manéhna
ngomongkeun soal kawin, ku kuring sok disalénggorkeun kana hal nu lain. Manéhna
ogé jiga nu geus surti mun kuring teu resep ngomongkeun soal kawin. Barina ogé
kuring mah asa can mikir-mikir hayang kawin, nu aya mah hayang sakola heula
sing luhur. Mun aya milik mah tamat ti S1 téh hayang nuluykeun deui kuliah ka
jenjang S2.
Pareng dina hiji waktu, aya
mamah ngalongok kuring ka Bandung, kang Ujang keukeuh hayang nepungan. Kuring
teu bisa nyarék da puguh mamah jeung kang Ujang téh cenah mah geus akrab pisan
sosobatan dina medsos. Nyakitu deui mamah tara-tara ngalongok kuring, tapi
ayeuna mh jiga nu ngahaja di sagédéngeun ngalongok kuring téh bari hayang
panggih jeung kang Ujang.
Tah ti harita pisan
komunikasi mamah jeung kang Ujang katingali beuki raket. Mamah mindeng méré saran
sangkan kuring daék narima kang Ujang. Lebar ku bageur jeung soléhna cenah, rék
milih nu kumaha deui, sakitu bageurna bari jeung soléh bisa narima kaayaan
kulawarga kuring nu sakieu buktina, lieuk euweuh ragap taya ceuk cohagna mah.
Ku bakat hayoh diomonganan mah kuring ngarasa teu ngeunah ogé nu antukna
ngajanjikeun rék méré jawaban ka kang Ujang téh lamun geus bérés diwisuda.
Alhamdulillah kuliah bérés
tepat waktu. Cunduk waktuna wisuda, mamah, bapa katut A Hanif lanceuk kuring
hiji-hijina daratang ka Bandung seja ngahadiran acara wisuda kuring. Mamah,
bapa ogé Aa kacida ngarasa bagjana kuring tamat kuliah kalayan nilai cumlaude.
Kang Ujang ogé teu tingaleun milu cakah cikih nyadiaan mobil keur kuring
sakulawarga indit ka lokasi wisuda.
Kuliah tamat, wisuda ogé
geus kaliwat kari nohonan janji ka indung yén kuring rék méré jawaban ka kang
Ujang. Kuring bingung liwat saking, rék nyebut embung asa teu wasa boh ka mamah
atawa ka kang Ujang. Rék nyebut daék geus puguh da teu boga rasa tresna
saeutik-eutik acan. Kanyaah kuring ka kang Ujang estuning nyaah nu jadi adi ka
lanceukna. Tapi lamun kuring keukeuh nolak tada teuing kuciwana haté mamah.
Ku bakat bingung antukna
kuring lahaola méré jawaban nu matak pikabungaheun pikeun mamah ogé kang Ujang,
sok sanajan éta jawaban téh patojaiyah jeung haté kuring. Ceuk pikir keun baé
kajeun ngorbankeun perasaan sorangan daripada mamah kuciwa.
Teu lila ti harita, kang Ujang jeung kulawargana datang ka kulawarga kuring
ngamaksud pikeun ngalamar kuring jadi pigarwaeun kang Ujang. Dina acara lamaran
éta pihak kulawarga kang Ujang meredih sangkan acara jatukrami dilaksanakeun
dina bulan Agustus, dua bulan nu bakal datang. Pikeun nangtukeun poé jeung
tanggalna, kuring diasongan almenak dititah milih boh bisi aya kahayang. Sabenerna
mah teu kudu kumaha kuring, tapi kulantaran hampir kabéh nu datang nyasat
nyérénkeun ka kuring akhirna kuring ngabuleudan tanggal 15 Agustus.
Bérés acara lamaran,
kulawarga kang Ujang marulang deui kalayan ngajanjikeun yén waragad pikeun
sagala rupa kaperluan jatukrami rék wagiru dikirimkeun. Pikeun kuring mah atoh
teu atoh da puguh haté mah teu méréan saeutik ogé mun kudu kawin ka kang Ujang.
Sanggeus sémah marulang,
kuring ogé gesat gesut bébérés rék indit deui ka Bandung kulantaran masih kénéh
loba urusan. Mamah nyarék sangkan kuring tong waka indit deui ngarasa melang
bisi kapeutingan di jalan, tapi kuring keukeuh. Nya akhirna mah mamah
ngawidian.
Waktu téh asa nyérélék
pisan. Teu karasa geus sabulan kaliwat tina acara lamaran, hartina waktu
jatukrami téh ngan ukur sabulan deui. Kuring beuki tagiwur, sok komo kang Ujang
ngajakan ka lembur nepungan mamah cenah rék mikeun waragad pikeun hajat. Ku
kuring dicarék, duit keur waragad hajat tong waka dibikeun ka mamah lantaran
bisi beak saméméh waktuna. Kang Ujang teu ngagugu kana panyarék kuring, manéhna
tetep rék indit ka lembur nyérénkeun duit keur waragad hajat ka mamah sok
sanajan teu dibaturan ku kuring. Patugeng-tugeng asa euweuh hartina, antukna
kuring ngéléhan milu indit ka lembur maturan kang Ujang nepungan mamah.
Tos heula ah nya, mugi katampi🙏
Komentar
Posting Komentar