#Duriat Reuntas di Jalan (8)
Ku: Tika Ihwatika
POV : Isti
Maksudna ogé ukur rék ningalian wungkul asup ka toko baju téh, mun aya wé nu cocok arék dicirian heula, mun teu aya mah nya balik deui. Ku lantaran teu manggih nu cocok nya kuring kaluar deui ti toko baju. Rét kana jam tangan, rada ngagebeg geuning geus méh tabuh dua, kuring ngingetan kang Ujang sangkan wagiru indit sok bisi telat datang ka yayasan tempat gawéna.
Sakaluarna ti toko, kang Ujang amitan bari ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman. Ku kuring ditampanan bari nyebut nuhun. Geus sasalaman mah kang Ujang ninggalkeun kuring muru mobil nu diparkir di hareupeun toko. Ari kuring tuluy pesen gojek ngarah sakalian dianteurkeun nepi ka hareupeun imah.
Tepi ka imah, kuring langsung asup ka kamar. Golédag ngedeng, kop kana hp. Nyampak aya sababaraha pesan WA nu asup. Salah sahijina WA ti kang Ujang. Manéhna ngirimkeun lirik lagu nu dihaleuangkeun ku salah sahiji grup band ibu kota.
"Kau jaga slalu hatimu, saat jauh dariku, tunggu aku kembali"
ditungtungan ku emoji gambar écéng.
Ukur wasa ngajempolan tanpa koméntar nu lain-lain.
Ras inget kana amplop bodas nu tadi dibikeun ku kang Ujang, kuniang kuring hudang maksud rék ningali eusi amplop da puguh titadi mah can aya waktu pikeun muka. Amplop ukur ditingalian bari dibulak balik, teu wani muka. Sup amplop diasupkeun deui kana tas tuluy digantungkeun deui kana tempatna.
Naha bet jorojoy aya pikiran sieun teu tulus kawin. Ah...kuring gogodeg sorangan teu puguh naon nu dipikiran. Gék diuk dina biwir risbang gep deui kana HP, tuluy nga chat ka Téh Tia kapilanceuk kuring nu aya di Jakarta. Téh Tia téh budak wa Yaya lanceukna mamah. Manéhna tempat curhat kuring mun aya masalah. Ngan ka manéhna kuring wani ngabudalkeun sagala pasualan pribadi kaasup masalah rencana jatukrami ieu. Téh Tia apal pisan kumaha sabenerna perasaan kuring ka kang Ujang. Téh Tia sok mindeng méré bongbolongan kumaha kuduna kuring nangtukeun sikep ngarah caina hérang laukna beunang.
Bagja pisan, kabeneran Téh Tia ogé keur online. Kuring ménta ijin heula ka Téh Tia, mun sakira manéhna keur rinéh kuring hayang nelepon. Téh Tia ngawaler yén manéhna keur rinéh jadi kuring bisa laluasa curhat ngabudalkeun masalah haté kuring nu marudah dina nyanghareupan acara jatukrami nu waktuna ngan sakeudeung deui.
Uplek sagala diobrolkeun nepi ka kuring nyegruk ceurik bakat ku teu kuat nahan perasaan sabil antara ngahontal cita-cita jeung kapaksa kudu kawin ka kang Ujang.
Lantaran ngarasa karunyaeun ka kuring, Téh Tia méré saran sangkan kuring niiskeun heula pikir. Manéhna nitah kuring ulin ka imahna di Jakarta ngarah teu stres teuing saurna téh.
Asa aya benerna saran ti Téh Tia téh, kuring nyatujuan rék niiskeun pikir ka Jakarta. Tuluy kuring ngatur rencana, saméméh balik deui ka Bandung kuring rék langsung heula ka Jakarta. Engké ti Jakarta kakarék balik ka Bandung.
Nu teu nyaho mah pasti ngarasa héran keur naon kuring hayoh waé cicing di Bandung sakitu kuliah geus bérés. Ah ceuk pikir batur mah teu kudu apal lamun kuring téh keur ngabdi di yayasan nu geus ikhlas rido ngabiayaan kuring kuliah S1 nepi ka tamatna. Kuring ogé masih kénéh aktif jeung resep kukumpulan di organisasi kepemudaan anu loba pisan mangfaatna pikeun kahirupan kuring jaga. Ku alatan aktif di organisasi ogé, kuring jadi boga pangalaman bisa indit ngapung naék pesawat ngadatangan acara di sasabaraha provinsi di Indonesia. Hal éta sabenernana mah nu jadi cukang lantaran kunaon kuring embung waka buru-buru kawin téh. Kuring hayang ngahontal heula cita-cita sangkan bisa kuliah S2.
Niat rék niiskeun pikir ka Jakarta geus gilig pisan. Peuting harita kénéh kuring beberengkes mérésan pakéan keur salin salila di Jakarta. Bébéja ka mamah mah rék ka Bandung. Kapaksa ngabohong da mun wakca rék indit ka Jakarta mah tangtuna moal diijinan.
Isuk-isuk kénéh kuring geus saged rék indit ka pool budiman Tasik. Kabeneran bapa ogé sarua geus saged rék indit deui digawé ka Tasik kota. Sanggeus sarapan, kuring amitan ka mamah, teu poho sun tangan bari ménta didu'akeun sangkan salamet di perjalanan. Kuring jeung bapa patutur-tutur leumpang ka sisi jalan, bapa ngagupayan tukang ojég nu keur marangkal di pengkolan. Kalawan sigep tukang ojég nyasat paheula-heula muru kuring jeung bapa.
Geuleuyeung ojeg nu mawa bapa maju pangheulana, disusul ku ojég nu mawa kuring maju ngajugjug Singaparna. Turun tina ojég kalacat naék kana angkot gelebeg jurusan Singaparna-Tasik anu kabeneran keur nyodok, penumpangna ogé katingal tos pinuh. Alhamdulillah jadi teu lila ngadagoan, angkot nyemprung ninggalkeun kota Singaparna.
Kuring dijajapkeun ku bapa nepi ka pool beus budiman. Geus yakin kuring aman aya di jero pool mah bapa amitan angkat deui muru ka tempat gawéna. Kuring narik napas panjang ngarasa ngemplong lantaran teu katohyan lamun kuring naék beus jurusan Jakarta lain jurusan Bandung. Geus yakin bapa teu aya di pool budiman mah kuring kaluar terus megat angkot ngajugjug ka pool primajasa. Ngahaja maké jasa beus primajasa, ngarah datang ka Jakarta téh ka pool primajasa deui. Mun geus nepi na pool primajasa mah engké dipapag ku Téh Tia ngarah teu kasasar.
#Cag
#Hanca deui
Hatur nuhun ka sadaya pamiarsa😁🙏🙏

Komentar
Posting Komentar