Langsung ke konten utama

DURIAT REUNTAS DI JALAN ( 9)

#Duriat Reuntas di Jalan (9)
Ku: Tika Ihwatika

POV : Isti

Kurang leuwih 7 jam di perjalanan, alhamdulillah  tepi ogé kuring ka Jakarta. Sakumaha rencana, kuring dijemput ku Téh Tia ka pool primajasa. Alhamdulillah karasa pisan kanyaah Téh Tia téh geus asa ka lanceuk pituin, keur mah kuring teu boga lanceuk awéwé nyakitu deui Téh Tia teu boga dulur awéwé, lanceuk jeung adina lalaki wungkul, matak pantes mun hubungan kuring jeung Téh Tia kacida raketna.

Anjog ka imah Téh Tia, kuring dibagéakeun ku wa Ilis istrina wa Yaya nu nyampak keur ngais budak Teh Tia. Jigana sabot Téh Tia indit ngajemput kuring, budakna dititipkeun heula ka wa Ilis. Song kuring ngasongkeun leungeun terus cipika cipiki ngaleupaskeun kasono, laju sararéa arasup ka imah. Gék kuring diuk dina korsi ngareureuhkeun kacapé.
Wa Ilis nu keur ngéyong-ngéyong budak Téh Tia naroskeun kaayaan mamah jeung bapa ogé dulur-dulur nu aya di lembur. Sakumaha ilaharna nu kadatangan ku urang lembur, wa Ilis bélémbém sagala ditanyakeun ngeunaan kaayaan urang lembur.

Torojol Téh Tia mawa inuman dina baki, sok disimpen dina méja hareupeun kuring. Tuluy nyokot budakna nu keur diéyong-éyong ku wa Ilis. Lantaran waktu geus méh magrib, wa Ilis amitan rék mulang ka imahna nu teu jauh ti imah Téh Tia. Wa Ilis ogé nyambat sangkan kuring ngéndong di imahna.

Saléosna wa Ilis mulang, gep kana gelas inuman es jeruk nu disuguhkeun lekik diinum nepi ka béak da geus puguh hanaang pisan, karasa meni seger kana tikoro.

Téh Tia  nuduhkeun kamar nu geus disiapkeun keur tempat kuring ngarereb. Teu diengkékeun deui, kuring cengkat muru ka kamar nu dituduhkeun. Sok tas pakéan jeung tas sorén disimpen dina luhur kasur, tuluy ucul-ucul muka tiung teu kuat bayeungyang. Geus kitu gep kana tas pakéan ngaluarkeun anduk jeung baju keur salin, sup ka wc nu aya  di jero kamar, gejebur mandi karasa meni seger pisan.

Bérés solat magrib, kadéngé Téh Tia ngetrokan panto kamar nitah dahar heula. Kuring nurut da puguh geus karasa lapar. Nyampak dina méja makan geus aya A Agus salaki Téh Tia diuk bari mangku budakna. Solongkrong kuring ngajak sasalaman da karék panggih jeung A Agus mah. Sanggeus kumpul mah tuluy  dalahar dibarung ku ngobrol santai nyaritakeun kagiatan séwang-séwangan.

Réngsé dahar, kuring jeung Téh Tia ngobrol di ruang tengah bari nongton tivi. Ari A Agus mah asup ka kamar maturan budakna nu geus saré.

Curhat dimimitian, kuring nyaritakeun sagala masalah nu keur karandapan. Ka Téh Tia kuring wakca yén sabenerna kuring embung waka kawin ayeuna-ayeuna. Kuring hayang ngabatalkeun ieu rencana, tapi kuring bingung kumaha carana lantaran hampir sakabéh kulawarga ogé tatangga deukeut geus arapaleun kuring rék kawin ka kang Ujang. Kuring teu wani mun kudu wakca ka mamah jeung bapa, komo ka mamah mah tada teuing kuciwana, sok komo ayeuna pihak kang Ujang geus nyérénan duit keur waragad hajat.

Mireungeuh kitu Téh Tia ogé milu bingung, antukna manéhna ngusulkeun sangkan masalah ieu urang obrolkeun ka wa Ilis jeung wa Yaya sugan bisa méré bongbolongan anu hadé. Kuring nyatujuan kana usul Téh Tia.

Sanggeus kitu mah, Téh Tia mungkas obrolan nitah kuring istirahat ka kamar. Masalah bébéja ka wa Ilis jeung wa Yaya mah direncanakeun isukna sakalian bari nepungan wa Yaya ka imahna.

Isukna, sakumaha rencana tipeuting, sanggeus tarapti di imah Téh Tia,  kuring arindit ka imah wa Yaya jeung wa Ilis nu jarakna teu pati jauh ti dinya. Kasampak wa Yaya keur cindekul nyanghareupan mobil, kawantu wa Yaya mah ahlina kana ngolokotrék mobil, jadi sok rajol nu ménta dipangoméankeun boh mesinna atawa nu lain-lainna.

"Damang, wa?" Kuring miheulaan nanya ka wa Yaya bari ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman.

"Aéh geuning aya Isti, iraha kadieu?" wa Yaya malik nanya bari ngusapkeun leungeunna kana elap. "kalalotor uana," pokna bari nampanan leungeun kuring.

"Ka marana wa Ilis sareng A Yayang?" ceuk kuring nanyakeun wa Ilis jeung A Yayang adina Téh Tia.

"Araya di jero, jung wé asup atuh," témbal wa Yaya nitah asup ka imah. Ari Téh Tia mah ti barang datang ogé geus asup teu milu eureun nepungan heula wa Yaya.

Di imah kasampak wa Ilis jeung A Yayang keur dariuk dina korsi bari nyaroo hp nyanghareupan tivi nu ngagegedur hurung. Jigana mah sok sanajan tivi hurung ogé tapi acarana mah teu ditarongton. Emh éta nu kitu téh kabiasaan goréng di imah kuring.

Kabeneran tanggal beureum jadi wa Ilis aya di imahna teu indit ngajar, nyakitu deui A Yayang teu indit kuliah. Umur A Yayang téh  sahandapeun kuring,  nyebut Aa sotéh ngahargaan kulantaran posisina kapilanceukan.

Ningali kuring datang, wa Ilis langsung nyimpen hpna kana méja, tuluy ngagupayan kuring sangkan diuk dina korsi deukeut manéhna. Ari A Yayang sanggeusna sasalaman jeung kuring mah ngaléos duka kamana, maklum budak ngora. Téh Tia nu keur mawa ulin budakna milu ngagabung diuk deukeuteun wa Ilis.

"Ibu, éta Isti badé curhat saurna," Téh Tia muka obrolan ditujukeun ka wa Ilis.

"Curhat naon? rék panganténan téa kan?" jawab wa Ilis ngaheureuyan.

"Muhun wa, tapi da Isti mah teu acan siap," walon kuring halon.

"Aééh naha can siap kumaha ari Isti, apan sakedap deui?" témbal wa Ilis semu kagét.

Akhirna barabat kuring nyaritakeun sagala rupa bangbaluh haté ka wa Ilis, kuring téh lain teu karunya ka kang Ujang, lain teu nyaah ka mamah, tapi apan kuring ogé boga kahayang jeung cita-cita nu kudu kahontal. Lamun kuring jadi kawin ka kang Ujang, cita-cita kuring hayang kuliah S2 pasti moal laksana, soalna kang Ujang geus wakca yén lamun kuring geus resmi jadi pamajikana, kuring kudu reus tina sagala kagiatan organisasi nu salila ieu jadi tempat icikibung kuring ngembangkeun kamampuan diri. Atuh lamun kitu mah meureun kahayang kuring sangkan bisa kuliah S2 ogé tangtu moal kahontal. Kuring ngalaladankeun sagala rupana bari ceurik.

Sajongjongan mah wa Ilis ngahuleng ngabandungan carita kuring saperti kitu téh. Manéhna nyarankeun sangkan kuring solat istiharoh ménta pituduh kanu kawasa. Da sagala rupa ogé datangna ti Allah, ngan ka Alloh urang mulangkeuna deui.
Rekés ka Allah ménta lamun seug kawin ka kang Ujang matak maslahat mugi sing dijodokeun, tapi lamun matak madarat mah mugi sing dibatalkeun kumaha waé carana. Meunpeung tacan pruk kawin. Lamun geus pruk mah bisi matak jadi panyakit dina rumah tanggana. Wa Ilis masrahkeun kaputusan ka kuring, jeung bakal ngadukung naon waé anu jadi kaputusan kuring. Eta hartina wa Ilis aya di pihak kuring.

Saran jeung bongbolongan ti wa Ilis katarima pisan. Kalawab ngucapkeun Bismillah, kuring gilig rék ngalaksanakeun naon anu disarankeun ku wa Ilis nyaéta solat istikharoh.

#Cag deui ah
#Masih Hanca

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Cerbung: Sengsara Membawa Nikmat (2)

Sengsara Membawa Nikmat (2) Oleh: Tika Ihwatika Puji syukur aku bisa menyelesaikan sekolah keguruanku sampai tamat. Tak kan kuceritakan suka dukanya menjalani kehidupan selama tiga tahun itu. Yang jelas banyak sekali hikmah yang kudapat selama bekerja di toko. Selain bisa sekolah, aku juga jadi punya keterampilan bisa menyetir mobil. Ya.. atas kebaikan majikan, aku diberi ijin untuk  belajar mengemudi secara mandiri menggunakan mobil miliknya. Beruntung sekali aku bisa mendapatkan bos sebaik dia. Oh ya.. setelah lulus sekolah, aku tak langsung pulang kampung. Aku tetap bekerja di toko. Namun setelah bisa menyetir mobil, aku dipercaya untuk mengantar jemput anaknya ke sekolah. Selain itu aku diminta untuk membimbing dan memberi les anaknya pada malam hari. Jadi aku tak lagi disibukkan dengan tugas berat di toko. Alhamdulillah aku  bersyukur sekali dengan kondisi ini. Aku semakin percaya bahwa dengan ilmu derajat kita akan meningkat. Bapak, ibu, Kak Doni, kak Ela dan kedua ka...

Cerbung: Sengsara Membawa Nikmat (3)

Sengsara Membawa Nikmat (3) Oleh : Tika Ihwatika Resmilah sudah kami pacaran. Setiap Sabtu sore aku selalu menunggunya pulang dari asrama dan mengantarkannya sampai di ujung gang menuju rumahnya. Hanya sebatas itulah pacaran kami, bertemu satu minggu sekali jika dia pulang dari asrama. Aku belum berani berkunjung ke rumahnya karena takut kalau orang tuanya tak setuju dengan hubunganku. Lagi pula dia belum pernah mengajakku main ke rumahnya. Hingga suatu hari aku memberanikan diri meminta ijin untuk main ke rumahnya di hari Minggu. Dia tak keberatan, bahkan dengan senang hati mempersilakanku untuk mengunjunginya. Aku tanyakan apakah orang tuanya takkan marah jika aku main ke rumahnya? Dia menjawab agar dicoba dulu, nanti lihat bagaimana sikapnya. Dia juga mengatakan kalau ayahnya sudah sakit-sakitan. Sementara ibu kandungnya sudah meninggal beberapa tahun yang lalu. Sekarang dia punya ibu tiri yang berprofesi sebagai guru. Mendengar ceritanya itu, aku jadi semakin sayang padanya, dan ...

Cerbung: Sengsara Membawa Nikmat (1)

Sengsara Membawa Nikmat (1) Oleh: Tika Ihwatika Tak pernah kubayangkan akan menjadi seorang guru dengan status PNS, mengingat aku hanyalah seorang pemuda yang miskin. Aku juga tak menyangka akan memiliki jodoh seorang bidan yang juga berstatus PNS. Semua berjalan tanpa kurencanakan. Namun aku mensyukuri semuanya sebagai takdir baik yang Allah berikan untukku. Alhamdulillah*** Terlahir sebagai bungsu dari 4 bersaudara, aku harus puas bersekolah hingga SMP saja. Saat itu ayah dan ibu sudah renta dan tak sanggup lagi membiayai sekolahku. Aku diminta untuk tidak melanjutkan ke tingkat SMA. Hal ini membuat hatiku sedih dan kecewa. Ada perasaan iri pada kak Doni kakak sulungku yang bisa melanjutkan sekolahnya hingga ke tingkat SMA, bahkan saat itu kak Doni sudah bekerja sebagai guru PNS di kota Garut. Sementara aku dan kedua kakakku yang lain tak mendapatkan kesempatan yang sama. Namun kecewaku tak berlangsung lama. Setelah ijazah SMP kuterima, kak Doni mengirim surat yang isinya menyuru...