Langsung ke konten utama

DURIAT REUNTAS DI JALAN (BAGIAN 4)

Geus kadua poé kuring aya di lembur téh, asa betah tumaninah. Tiis ceuli hérang panon jauh tina karaméan, beresih tina polusi. Cai cur cor matak pikabetaheun. Nu utamana mah kuring bisa ngabangbrangkeun kapeurih ati ku alatan Isti.

Kira wanci haneut moyan, tamba kesel kuring mantuan bapa meresihan jukut di sisi balong tukangeun imah. Lumayan ngoprot késang kawantu tempatna rada negrak kasebrot matapoé. Da di Bandung mah geus tara aya kasempetan pikeun moyan lantaran riweuh ku pagawéan kantor.

Keur jongjon mantuan bapa, torojol Ceu Titi dituturkeun ku Ceu Idah lanceuk kuring nu kadua bari ngais incuna. Maranéhna leumpang nyampeurkeun kuring nu keur jongjon nyabutan jukut.

"Leuh meni layeut ceu, deuk ka marana?" Kuring miheulaan nanya bari semu héran.

"Haar apan ku ema dititah karumpul cenah rék ngabadamikeun masalah Ujang, ari kitu Ujang teu dibéjaan nyah?" témbal Ceu Titi meni perténtang.

"Oh kutan téh," ceuk kuring bari tuluy kukumbah leungeun ku cai balong. Sup kuring tiluan arasup ka imah ngaliwatan panto dapur.


Ningali kuring, Ceu Titi jeung Ceu Idah arasup ka imah, bapa ogé milu nuturkeun asup ka imah. Tayohna mah ema, bapa jeung dua lanceuk kuring téh geus sepakat rék baradami.


Kasampak Ema nuju calik dina korsi bari nongton tivi. Gék Ceu Titi jeung Ceu Idah dariuk dina karpét nu geus disampakeun ku ema. Ari kuring milih diuk dina korsi gigireun ema. Nyakitu deui bapa, calik dina korsi panjang.

Sanggeus kabéh ngariung, derekdek bapa nyaritakeun pamaksudanana anu hayang ngadahupkeun kuring ka Nyi Diah. Kalayan bahasa nu malapah gedang, bapa jeung ema patémbalan méré alesan kunaon aranjeuna nepi ka boga maksud kitu. Tujuana mah alus pisan sangkan kuring tetep teger salaku lalaki. Tong jadi lalaki nu épés méér.


Mudah-mudahan ku jalan kieu, raheut haté kuring bisa kaubaran jeung bisa mopohokeun Isti sok sanajan asa pamohalan.


Mireungeuh kolot boga rencana saperti kitu, hiji-hijina jalan keur kuring iwal ti kudu nurut sakumaha kahayang indung. Kuring yakin kolot nepi ka kitu téh ku bakat nyaah ka kuring anak lalaki bungsu hiji-hijina sangkan teu katutuluyan gering pikir alatan mikiran Isti.

Teu karasa ngong kadéngé adzan lohor ti masjid peuntaseun imah. Kuring jeung bapa cengkat muru ka masjid rék ngalakonan solat lohor.

Sabérésna solat lohor, kuring menekung ngadudu'a neda pituduh kanu maha kawasa, pasrah sumerah kana naon anu geus jadi katangtuan manten-Na. Kuring sadar yén manusa mah ngan saukur ngabogaan rencana tapi Allah nu kawasa nangtukeun sagalana.

Réngsé ngadu'a, haté nu tadina marudah téh dadak sakala asa ngemplong. Mun téa mah kuring kudu ngajodo ka Nyi Diah bari aya dina rido nu jadi indung, kuring gilig rék nuturkeun naon nu jadi kahayang indung. Kuring rido mun kudu miceun jeung mopohokeun ngaran Isti demi kabagjaan haté indung.

Balik ti masjid, nyampak ema tos nyayagikeun sangu liwet jeung goréng lauk nila karesep kuring, teu kaliwat lalab daun sampeu jeung sambel solen buatan ema.


Atuh brak wé saréréa dalahar kalayan nikmat pisan.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Cerbung: Sengsara Membawa Nikmat (2)

Sengsara Membawa Nikmat (2) Oleh: Tika Ihwatika Puji syukur aku bisa menyelesaikan sekolah keguruanku sampai tamat. Tak kan kuceritakan suka dukanya menjalani kehidupan selama tiga tahun itu. Yang jelas banyak sekali hikmah yang kudapat selama bekerja di toko. Selain bisa sekolah, aku juga jadi punya keterampilan bisa menyetir mobil. Ya.. atas kebaikan majikan, aku diberi ijin untuk  belajar mengemudi secara mandiri menggunakan mobil miliknya. Beruntung sekali aku bisa mendapatkan bos sebaik dia. Oh ya.. setelah lulus sekolah, aku tak langsung pulang kampung. Aku tetap bekerja di toko. Namun setelah bisa menyetir mobil, aku dipercaya untuk mengantar jemput anaknya ke sekolah. Selain itu aku diminta untuk membimbing dan memberi les anaknya pada malam hari. Jadi aku tak lagi disibukkan dengan tugas berat di toko. Alhamdulillah aku  bersyukur sekali dengan kondisi ini. Aku semakin percaya bahwa dengan ilmu derajat kita akan meningkat. Bapak, ibu, Kak Doni, kak Ela dan kedua ka...

Cerbung: Sengsara Membawa Nikmat (3)

Sengsara Membawa Nikmat (3) Oleh : Tika Ihwatika Resmilah sudah kami pacaran. Setiap Sabtu sore aku selalu menunggunya pulang dari asrama dan mengantarkannya sampai di ujung gang menuju rumahnya. Hanya sebatas itulah pacaran kami, bertemu satu minggu sekali jika dia pulang dari asrama. Aku belum berani berkunjung ke rumahnya karena takut kalau orang tuanya tak setuju dengan hubunganku. Lagi pula dia belum pernah mengajakku main ke rumahnya. Hingga suatu hari aku memberanikan diri meminta ijin untuk main ke rumahnya di hari Minggu. Dia tak keberatan, bahkan dengan senang hati mempersilakanku untuk mengunjunginya. Aku tanyakan apakah orang tuanya takkan marah jika aku main ke rumahnya? Dia menjawab agar dicoba dulu, nanti lihat bagaimana sikapnya. Dia juga mengatakan kalau ayahnya sudah sakit-sakitan. Sementara ibu kandungnya sudah meninggal beberapa tahun yang lalu. Sekarang dia punya ibu tiri yang berprofesi sebagai guru. Mendengar ceritanya itu, aku jadi semakin sayang padanya, dan ...

Cerbung: Sengsara Membawa Nikmat (1)

Sengsara Membawa Nikmat (1) Oleh: Tika Ihwatika Tak pernah kubayangkan akan menjadi seorang guru dengan status PNS, mengingat aku hanyalah seorang pemuda yang miskin. Aku juga tak menyangka akan memiliki jodoh seorang bidan yang juga berstatus PNS. Semua berjalan tanpa kurencanakan. Namun aku mensyukuri semuanya sebagai takdir baik yang Allah berikan untukku. Alhamdulillah*** Terlahir sebagai bungsu dari 4 bersaudara, aku harus puas bersekolah hingga SMP saja. Saat itu ayah dan ibu sudah renta dan tak sanggup lagi membiayai sekolahku. Aku diminta untuk tidak melanjutkan ke tingkat SMA. Hal ini membuat hatiku sedih dan kecewa. Ada perasaan iri pada kak Doni kakak sulungku yang bisa melanjutkan sekolahnya hingga ke tingkat SMA, bahkan saat itu kak Doni sudah bekerja sebagai guru PNS di kota Garut. Sementara aku dan kedua kakakku yang lain tak mendapatkan kesempatan yang sama. Namun kecewaku tak berlangsung lama. Setelah ijazah SMP kuterima, kak Doni mengirim surat yang isinya menyuru...