Langsung ke konten utama

DURIAT REUNTAS DI JALAN (BAGIAN 5)


"Ujang..Ujang...tos solat asar can?"

"Ujang.. Ujang.."kakuping sora ema bari ngetrokan panto kamar ngaguyahkeun kuring nu kasaréan. Panon rapet hésé dibukana.

"Ujang.. Ujang..," ema ngetrokan deui panto kamar rada tarik.

Bray beunta, tuluy gigisik sangkan panon teu rapet teuing.

"Kulan ma.., teu acan ma," témbal kuring bari kuniang hudang laju muka panto kamar.

"Meni tibra naker saré téh, dihudangkeun ti tadi teu ngawaro waé," ema satengah kukulutus.

"Enya puguh meni nepi ka mulan malén ngimpi sagala, tara-tara ti sasari," ceuk kuring bari ngarawél anduk muru ka wc.

"Tong lila ka caina Jang, urang ka imah ajengan Komar téa bisi keseleun nungguan,"
Deg deui waé kuring reuwas nguping ema ngajakan ka bumi ajengan Komar téh. Teu diwaro ieuh bus kuring abus ka wc, gejebur mandi ditungtungan ku wudhu.

Bérés ti cai sup ka kamar, rap kana baju koko anu ngagantung urut solat lohor, cong solat asar. Teu di masjid solat téh lantaran geus méh jam opat.

Sabérésna solat asar, kuring menekung deui ngadudu'a neda pituduh kanu maha kawasa sangkan dipaparin jalan nu saé pikeun hirup kuring satuluyna.

"Ujang, hayu ah bisi kaburu hujan," ema ngagorowok ti ruang tengah. Horéng meureun ema mah geus ti tadi ngadagoan kuring.

"Muhun mangga, ma," kuring tituturubun kaluar ti kamar muru ema nu tos saged dina lawang panto hareup. Éléh bérését antukna kuring nurut ogé kana pangajak ema indit ka bumi ajengan Komar nepungan Nyi Diah.

Kuring ngarawél konci mobil nu ngagantung dina paku lebah lawang panto kamar. Laju kaluar muru mobil nu ngajugrug di buruan. Ema nuturkeun di satukangeun kuring.

"Ari bapa di mana, ma?" ceuk kuring nanya bari muka panto mobil.

"Bapana mah nungguan di imah Ustadz Ade kari nyampeur, Titi jeung Idah mah rék kana malotor langsung ti imahna," waler ema bari sup asup kana mobil.

Teu loba deui tatanya, gerung mobil dihurungkeun, geuleuyeung maju lalalunan. Lebah imah Ustadz Ade kasampak bapa jeung ustadz ade keur narangtung ngadagoan. Sanggeus bapa jeung Ustadz Ade arasup mah dius mobil dipajukeun rada tarik ku lantaran muru waktu bisi kaburu burit pisan.

Ngan ukur satengah jam di perjalanan, anjog ka imah ajengan Komar. Ceu Titi jeung Kang Oman, Ceu Idah jeung Kang Dédé ogé geus nyarampak milu ngabagéakeun. Kawantu Ceu Titi jeung Ceu Idah mah alumni murid ajengan Komar, jadi geus caronggah pisan teu asa-asa deui. Ongkoh cenah mah nu babalagonjangan nyarita ka ajengan Komar jeung Nyi Diah ogé ku Ceu Titi. Alhamdulillah kulawarga ajengan Komar katut Nyi Diahna ogé ngaréspon, kitu béja nu katarima ku kuring ti Ceu Titi.

Sanggeus kabéh arasup ka imah ajengan Komar, sakur nu aya mah sung song sasalaman bari nanyakeun kaséhatan séwang-séwangan. Sok sanajan ukur basa basi tapi cukup pikeun nunjukeun yén pribumi téh saroméah hadé ka sémah jeung katingali daria ngabagéakeun nu daratang.

Méméh acara dimimitian, bapa, ustadz Ade katut ajengan Komar ngarobrol nyaritakeun kagiatan séwang-séwangan. Teu pati didengerkeun ieuh da puguh kuring mah keur cus cos teu puguh pipikiran. Ukur bisa unggut-unggutan wé bari kalan-kalan ngajawab pananya ajengan Komar ngeunaan kagiatan kuring.

Najan bari teu puguh rasa, kuring nurut jeung nuturkeun kana naon nu rék disawalakeun ku dua kulawarga. Da mun kudu jujur mah ieu haté tetep teu bisa dibangbalérkeun matri waé ka Isti. Kanyaah kuring ka Isti teu bisa dipiceun kitu waé sok sanajan manéhna geus nganyerikeun haté kuring jeung nguciwakeun kulawarga.

Haté galécok norowéco sagala kapikiran, tapi bari ngarasa panasaran hayang wagiru panggih jeung Nyi Diah. Jiga kumaha ayeuna geus mojangna, da baheula mah apal ka Nyi Diah téh keur leutik kénéh teu pati apal kumaha ayeuna lantaran kuring lila di Bandung.

Keur anteng aruplek ngobrol, langgéor aya nu datang tuluy mapay ngajak sasalaman kanu araya. Ditelek-telek horéng manéhna téh Nyi Diah. Maké baju gamis warna bulao nyetél jeung jilbabna katémbong nyantri pisan. Dedegan awakna leutik camperenik, warna kulitna hideung santen tanpa make up katingal geulis bawaan ti barang lahir. Waktu pataréma leungeun jeung kuring, treup panon pateuteup belenyéh manéhna imut semu nu éra. Kuring jadi teu puguh rampa, ukur manggut bari males imutna.

Réngsé mapay gék manéhna diuk gigireun Ceu Titi padeukeut jeung ema. Karérét ku juru panon, Ceu Titi jeung Nyi Diah ngobrol pating haréwos.

Geus méh jam lima soré, acara silaturahmi dua kulawarga téh dibuka ku Ustadz Ade ngawakilan bapa ngadugikeun pamaksudan seja mileuleuheungkeun Nyi Diah keur pigarwaeun kuring. Saterusna disambung ku ajengan Komar nyambut maksud kulawarga kuring. Tapi dina hal ieu ajengan Komar teu ujug-ujug narima kana naon anu jadi pamaksudan kulawarga kuring, ajengan Komar nyérénkeun kaputusan sapinuhna ka Nyi Diah, lantaran anu rék ngalakonan hirup rumah tanggana ogé Nyi Diah jeung kuring.

Waktu Nyi Diah ditanya ku ajengan Komar naha daék henteuna narima kuring, aya rasa was-was sok sieun Nyi Diah gideug, sieun manéhna nolak lantaran geus apaleun kana masalah kuring jeung Isti ti Ceu Titi. Tapi kasieun kuring musnah waktu ningali Nyi Diah unggeuk ngamanggakeun bari tungkul semu éra.

Ningali waleran Nyi Diah nu unggeuk tanda panuju, saréréa nu araya hampir bareng ngucapkeun alhamdulillah, kaasup kuring sok sanajan ngucapkeun ukur dina haté.

"Ya Allah, abdi yakin ieu takdir Anjeun anu pangsaéna pikeun kuring. Anjeun maparin gentos Isti ku Nyi Diah anu sarua geulisna, boa leuwih ti Isti solehahna mah. Mudah-mudahan Nyi Diah sing janten jodo kuring anu dipikarido ku Anjeun. Aamiin.." kuring ngagerentes dina jero haté.

Geus puguh batu turun keusik naék mah, pihak kulawarga kuring teu hayang ngalilakeun deui acara jatukrami. Harita kénéh ditangtukeun waktuna nyaéta tanggal 15 Agustus 2019, tanggal jeung poé anu sarua nalika boga réncana jatukrami jeung Isti.

Sanggeus sapuk saréréa, acara téh dipungkas ku darba nyaéta dahar bareng saaya-aya nu geus disiapkeun ku pihak kulawarga ajengan Komar. Ari kuring mah teu miluan dahar, ngahaja ngawani-wani manéh ménta widi sangkan bisa ngobrol jeung Nyi Diah supaya leuwih raket jeung apal kana pasipatan séwang-séwangan.

Teu kungsi lila ngong kadéngé adzan magrib ti masjid gigireun bumi ajengan Komar. Kuring nu keur uplek jeung Nyi Diah kapaksa kudu nutup obrolan. Teu poho kuring patukeur-tukeur nomer HP sangkan ka hareupna bisa komunikasi jeung manéhna.

Kulantaran kagok geus adan magrib, kuring sakulawarga milu heula solat magrib di masjid ajengan Komar berjama'ah jeung para santrina. Lumayan loba ogé santri anu mukim di pasantrén ajengan Komar téh, bubuhan geus kajojo ka unggal lembur.

Satutasna solat magrib mah kulawarga kuring amitan seja mulang. Saméméh mulang katingali ema ngeupeulkeun amplop ka Nyi Diah, duka dieusi naon teu pati apal da kuring mah teu kabadamian. Sanggeus amitan mah kuring, bapa jeung ema arasup kana mobil, ari Ceu Titi jeung Ceu Idah katut salakina mah geus leuwih tiheula mulang lantaran sieun kapoékan di jalan.

#Cag..
Diantos terasanana carios ti pihak Isti 
😁🙏

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Cerbung: Sengsara Membawa Nikmat (2)

Sengsara Membawa Nikmat (2) Oleh: Tika Ihwatika Puji syukur aku bisa menyelesaikan sekolah keguruanku sampai tamat. Tak kan kuceritakan suka dukanya menjalani kehidupan selama tiga tahun itu. Yang jelas banyak sekali hikmah yang kudapat selama bekerja di toko. Selain bisa sekolah, aku juga jadi punya keterampilan bisa menyetir mobil. Ya.. atas kebaikan majikan, aku diberi ijin untuk  belajar mengemudi secara mandiri menggunakan mobil miliknya. Beruntung sekali aku bisa mendapatkan bos sebaik dia. Oh ya.. setelah lulus sekolah, aku tak langsung pulang kampung. Aku tetap bekerja di toko. Namun setelah bisa menyetir mobil, aku dipercaya untuk mengantar jemput anaknya ke sekolah. Selain itu aku diminta untuk membimbing dan memberi les anaknya pada malam hari. Jadi aku tak lagi disibukkan dengan tugas berat di toko. Alhamdulillah aku  bersyukur sekali dengan kondisi ini. Aku semakin percaya bahwa dengan ilmu derajat kita akan meningkat. Bapak, ibu, Kak Doni, kak Ela dan kedua ka...

Cerbung: Sengsara Membawa Nikmat (3)

Sengsara Membawa Nikmat (3) Oleh : Tika Ihwatika Resmilah sudah kami pacaran. Setiap Sabtu sore aku selalu menunggunya pulang dari asrama dan mengantarkannya sampai di ujung gang menuju rumahnya. Hanya sebatas itulah pacaran kami, bertemu satu minggu sekali jika dia pulang dari asrama. Aku belum berani berkunjung ke rumahnya karena takut kalau orang tuanya tak setuju dengan hubunganku. Lagi pula dia belum pernah mengajakku main ke rumahnya. Hingga suatu hari aku memberanikan diri meminta ijin untuk main ke rumahnya di hari Minggu. Dia tak keberatan, bahkan dengan senang hati mempersilakanku untuk mengunjunginya. Aku tanyakan apakah orang tuanya takkan marah jika aku main ke rumahnya? Dia menjawab agar dicoba dulu, nanti lihat bagaimana sikapnya. Dia juga mengatakan kalau ayahnya sudah sakit-sakitan. Sementara ibu kandungnya sudah meninggal beberapa tahun yang lalu. Sekarang dia punya ibu tiri yang berprofesi sebagai guru. Mendengar ceritanya itu, aku jadi semakin sayang padanya, dan ...

Cerbung: Sengsara Membawa Nikmat (1)

Sengsara Membawa Nikmat (1) Oleh: Tika Ihwatika Tak pernah kubayangkan akan menjadi seorang guru dengan status PNS, mengingat aku hanyalah seorang pemuda yang miskin. Aku juga tak menyangka akan memiliki jodoh seorang bidan yang juga berstatus PNS. Semua berjalan tanpa kurencanakan. Namun aku mensyukuri semuanya sebagai takdir baik yang Allah berikan untukku. Alhamdulillah*** Terlahir sebagai bungsu dari 4 bersaudara, aku harus puas bersekolah hingga SMP saja. Saat itu ayah dan ibu sudah renta dan tak sanggup lagi membiayai sekolahku. Aku diminta untuk tidak melanjutkan ke tingkat SMA. Hal ini membuat hatiku sedih dan kecewa. Ada perasaan iri pada kak Doni kakak sulungku yang bisa melanjutkan sekolahnya hingga ke tingkat SMA, bahkan saat itu kak Doni sudah bekerja sebagai guru PNS di kota Garut. Sementara aku dan kedua kakakku yang lain tak mendapatkan kesempatan yang sama. Namun kecewaku tak berlangsung lama. Setelah ijazah SMP kuterima, kak Doni mengirim surat yang isinya menyuru...