Langsung ke konten utama

DURIAT REUNTAS DI JALAN (BAGIAN 2)


Teuing nepi ka jam sabaraha kuring guling gasahan mikiran Isti, da pada akhirna mah reup kasaréan tibra pisan. Kahudangkeun ku sora adan subuh ti masjid béh kuloneun imah, kuniang hudang, rét kana jam nu naplok dina dinding kamar. Teu waka cengkat indit ka cai, kalah gep kana HP sok bisi aya deui WA ti Isti. Tapi beresih WA ti Isti masih kénéh nu peuting ngadadarkeun alesan manéhna mundur tina rencana jatukrami. Ukur aya WA ti sababaraha grup nu ngirim rupa-rupa béja.

Geus puguh euweuh WA deui ti Isti mah karék kuring indit ka cai. Gejebur mandi ditungtungan ku wudlu seja ngalaksanakeun sholat subuh. Awak karasa seger sok sanajan haté jeung pikiran mah masih kénéh baluweng rék kumaha nya pipetaeun. Cong solat subuh disambung ku wiridan, teu poho menekung ngadu'a kanu maha kawasa neneda sangkan kuring dipaparin kasabaran jeung haté nu ikhlas sangkan bisa narima takdir nu tumiba ka diri.

Réngsé solat subuh, kuring ngoprék deui HP. Klik kana nomer indungna Isti. Kuring boga pamadegan saméméh ngabéjaan kulawarga di lembur, kuring kudu konfirmasi heula ka indungna Isti, sok bisi can apaleun kana masalah ieu.

Teu jauh tina sangkaan, geuning bener wé indungna ogé teu nyahoeun kana kaputusan Isti ngabolaykeun rencana jatukrami téh. Asalna mah teu percayaeun kana béja ti kuring téh, tapi sanggeus dikirim screenshoot chatingan kuring jeung Isti kakarék indungna percayaeun. Tina jawaban nu kabaca ku kuring, indungna ogé kacida ngarasa kuciwa ku talajak Isti téh. Manéhna hahampuraan bari ngajanjikeun rék ngumahakeun deui ka Isti sangkan robah deui pamadegan. Tapi ku kuring dicarék, da ngarasa yakin kaputusan Isti geus buleud moal bisa dipaksa ku sasaha.

Teu cukup dina WA, kirining indungna Isti nelpon. Moal diangkat tadina mah, asa horéam ngajelaskeunana, tapi bisi pajarkeun kuring teu sopan ka kolot, antukna ditarima ogé. Kadéngé sora indungna Isti ménta hampura bari sumegruk. Kuring ukur bisa mairan saperluna teu wasa ngahayonan kalayan panjang lébar.

Réngsé narima telepon ti indungna Isti, kuring ngahuleng deui bari mukaan HP. Haté teu kendat maca istigfar. Sababaraha kali sirah gogodeg ku ras asa teu nyangka kana kaputusan Isti. Klik kana nomer HP Ceu Titi, lanceuk kuring nu panggedéna. Langsung ditelepon ngarah gampil ngajelaskeunana. Kadéngé sora Ceu Titi uluk salam ngabagéakeun kuring. Teu loba basa basi, barabat kuring ngalaladankeun naon anu keur karandapan. Teu weudeu, ngadéngé béja nu matak pikanyerieun kitu téh Ceu Titi kacida ambekna. Ngomong sabulang béntor ngarasa teu suka jeung ngarasa diwiwirang ku polah Isti. Kuring ukur bisa ngababaran bari méré kamandang yén sagala nu tumiba téh geus jadi takdir Allah. Isti lain jodo kuring. Tangtu bakal aya hikmahna tina sagala kajadian.

Sanggeus dibabaran mah lumayan Ceu Titi teu nafsu teuing. Kuring ménta tulung sangkan Ceu Titi ngabéjakeun masalah ieu kanu jadi kolot jeung ka lanceuk nu lianna. Ceu Titi ngaheueuhan, janji rék ngabéwarakeun ka kulawarga. Tapi Ceu Titi ogé meredih sangkan kuring balik heula ka lembur ngabadamikeun sagala hal pikeun pipetaeun ka hareupna.

Ploong asa rada hampang pipikiran téh satutasna nelepon ka Ceu Titi mah. Tapi tetep asa teu puguh lalampahan, horéam rék lumaku. Ceuk babasan mah kuring téh keur ticengklak haté, boro-boro hayang dahar horéam nginum-nginum acan.

Rét deui kana hp, néangan nomer babaturan sakantor rék bébéja yén poé ieu moal asup gawé, alesan mah teu ngareunah awak. Sapoé harita mah kuring nyirekem wé di imah kontrakan, hayang niiskeun pikir jeung nafakuran kasalahan diri. Dipikir dibulak balik, diinget-inget deui mangsa katukang waktu kuring sok babarengan jeung Isti di tempat kuliah. Asa tara aya codéka, tara aya sikep anu matak nyinggung kana haté kuring. Bageur, sopan, teu weléh akur jeung saha waé nu wawuh. Jiwa sosialna ogé aya, aktif dina kagiatan kampus. Aaaah Isti... kuring téh nyaah pisan ka anjeun, naha anjeun bet téga males kanyaah kuring ku cara saperti kieu.

Haté ceurik balilihan, asa jauh panineungan. Dibangbalerkeun kana ningali acara tivi tetep wé haté mah ngarancabang. Teu ngabibisani, bakal hésé pikeun kuring mun kudu miceun Isti tina ingetan. Isti nu mangtaun-taun jadi ceungceuman, nu sakeudeung deui bakal jadi pamajikan kiwari kudu dileupaskeun. Beurat.. beurat pisan karasana mun kuring kudu nanggung ieu pasualan ku sorangan.


#CARITASUNDA

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Cerbung: Sengsara Membawa Nikmat (2)

Sengsara Membawa Nikmat (2) Oleh: Tika Ihwatika Puji syukur aku bisa menyelesaikan sekolah keguruanku sampai tamat. Tak kan kuceritakan suka dukanya menjalani kehidupan selama tiga tahun itu. Yang jelas banyak sekali hikmah yang kudapat selama bekerja di toko. Selain bisa sekolah, aku juga jadi punya keterampilan bisa menyetir mobil. Ya.. atas kebaikan majikan, aku diberi ijin untuk  belajar mengemudi secara mandiri menggunakan mobil miliknya. Beruntung sekali aku bisa mendapatkan bos sebaik dia. Oh ya.. setelah lulus sekolah, aku tak langsung pulang kampung. Aku tetap bekerja di toko. Namun setelah bisa menyetir mobil, aku dipercaya untuk mengantar jemput anaknya ke sekolah. Selain itu aku diminta untuk membimbing dan memberi les anaknya pada malam hari. Jadi aku tak lagi disibukkan dengan tugas berat di toko. Alhamdulillah aku  bersyukur sekali dengan kondisi ini. Aku semakin percaya bahwa dengan ilmu derajat kita akan meningkat. Bapak, ibu, Kak Doni, kak Ela dan kedua ka...

Cerbung: Sengsara Membawa Nikmat (3)

Sengsara Membawa Nikmat (3) Oleh : Tika Ihwatika Resmilah sudah kami pacaran. Setiap Sabtu sore aku selalu menunggunya pulang dari asrama dan mengantarkannya sampai di ujung gang menuju rumahnya. Hanya sebatas itulah pacaran kami, bertemu satu minggu sekali jika dia pulang dari asrama. Aku belum berani berkunjung ke rumahnya karena takut kalau orang tuanya tak setuju dengan hubunganku. Lagi pula dia belum pernah mengajakku main ke rumahnya. Hingga suatu hari aku memberanikan diri meminta ijin untuk main ke rumahnya di hari Minggu. Dia tak keberatan, bahkan dengan senang hati mempersilakanku untuk mengunjunginya. Aku tanyakan apakah orang tuanya takkan marah jika aku main ke rumahnya? Dia menjawab agar dicoba dulu, nanti lihat bagaimana sikapnya. Dia juga mengatakan kalau ayahnya sudah sakit-sakitan. Sementara ibu kandungnya sudah meninggal beberapa tahun yang lalu. Sekarang dia punya ibu tiri yang berprofesi sebagai guru. Mendengar ceritanya itu, aku jadi semakin sayang padanya, dan ...

Cerbung: Sengsara Membawa Nikmat (1)

Sengsara Membawa Nikmat (1) Oleh: Tika Ihwatika Tak pernah kubayangkan akan menjadi seorang guru dengan status PNS, mengingat aku hanyalah seorang pemuda yang miskin. Aku juga tak menyangka akan memiliki jodoh seorang bidan yang juga berstatus PNS. Semua berjalan tanpa kurencanakan. Namun aku mensyukuri semuanya sebagai takdir baik yang Allah berikan untukku. Alhamdulillah*** Terlahir sebagai bungsu dari 4 bersaudara, aku harus puas bersekolah hingga SMP saja. Saat itu ayah dan ibu sudah renta dan tak sanggup lagi membiayai sekolahku. Aku diminta untuk tidak melanjutkan ke tingkat SMA. Hal ini membuat hatiku sedih dan kecewa. Ada perasaan iri pada kak Doni kakak sulungku yang bisa melanjutkan sekolahnya hingga ke tingkat SMA, bahkan saat itu kak Doni sudah bekerja sebagai guru PNS di kota Garut. Sementara aku dan kedua kakakku yang lain tak mendapatkan kesempatan yang sama. Namun kecewaku tak berlangsung lama. Setelah ijazah SMP kuterima, kak Doni mengirim surat yang isinya menyuru...