Langsung ke konten utama

DURIAT REUNTAS DIJALAN (BAGIAN 3) Ku: Tika Ihwatika


Ari dipaké cicing mah karasa pisan lilana waktu téh. Kawantu di imah kontrakan ngan sorangan, ukur HP nu jadi batur satia. Nu matak ti isuk-isuk téh hayoh wé nyoo hp ningalian status batur boh dina FB atawa dina WA.

Keur jongjon mukaan status batur, kirining aya panggilan asup. Di tingali téh telepon ti Ceu Titi lanceuk kuring téa.

"Assalamualaikum," kuring uluk salam ngabagéakeun Ceu Titi.

"Wa'alaikumussalam, Ujang ieu ema hoyong nyarita ka Ujang," témbal Cei Titi togmol.

"Ujang kumaha sehat?" kakuping soanten ema nanya kaayaan kuring.

"Alhamdulillah badan mah séhat ma, samulihna ema kumaha damang?" walon kuring malik nanya.

"Alhamdulillah ema ogé séhat ari waruga mah, ngan keur teu ngeunah haté alatan narima béja ngeunaan Ujang jeung Isti," waler ema bari ngalimba.

"Ujang, ema jeung bapa katut kabéh kulawarga geus nyaho kana masalah anu keur karandapan ku Ujang ayeuna. Sing sabar sing tawekal, mana kitu ogé Isti téh lain jodo hidep. Pasrahkeun sadayana ka Alloh, da nanaon oge geus aya titis tulis ti manten-Na. Poma tong jadi pikiran, saha nu nyaho Allah mah geus nyiapkeun gantina nu leuwih sagala rupana ti Isti," saur ema nengtremkeun haté kuring.

"Mun bisa mah Ujang balik heula ka lembur, urang ngabadamikeun deui kumaha pikahareupeun Ujang. Ema boga niat rék nepungkeun Ujang ka Nyi Diah budakna ajengan Komar," saur ema neraskeun cariosanana.

Gebeg,, kuring reuwas ngadangu kasauran ema rék nepungkeun kuring ka Nyi Diah. Lain teu nampi kana kanyaah nu jadi indung, tapi keur saayeunaeun mah kuring téh boro-boro mikiran hayang néangan gantina Isti, kalah asa trauma nu aya. Sok sieun kuciwa kadua kalina.

Bingung teu manggih tungtung, nu akhirna kuring ngéléhan manéh balik heula ka lembur nyumponan paménta indung. Anjog ka imah, ema ngagabrug ka kuring teu sirikna digalentoran bari diceungceurikan. Ningali kitu kuring ogé teu kuat nahan cimata, bruk kuring sujud kana lahunan ema bari ménta dihampura. Rumasa kuring kungsi baha teu nurut kana kahayang ema sangkan néangan pipamajikan téh papada urang lembur ngarah ngariung sadulur-dulur. Tapi kuring maksakeun kahayang haté, keukeuh peuteukeuh majoangkeun Isti, wanoja teureuh Singaparna.

Nya ieu meureun balukar tina teu nurut kana kahayang indung téh. Kuring paungku-ungku jeung ema. Pok ema nyarita,"keun anu enggeus mah enggeus tong diguar deui. Duit jeung barang balanjaan nu geus dibikeun ka Isti urang ikhlaskeun," saur ema bari jung ngajungkatkeun badan kuring nu masih kénéh nyuuh dina lahunanana.

Sanggeus ngarasa leler, kuring ngoloyoh ka kamar, laju ucul-ucul muka baju diganti ku kaos oblong. Golédag dina risbang paranti kuring ari mulang. Leng ngahuleng deui mikiran caritaan ema nu rék nepungkeun kuring ka Nyi Diah.

Ras inget kana caritaan Ceu Titi yén di lembur téh geus pada nyaho lamun kuring rék kawin ka urang Singaparna. Tada teuing éra jeung wirangna lamun nyahoeun kuring bolay kawin sok sanajan kasalahan lain ti pihak kuring.

#CARITASUNDA

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Cerbung: Sengsara Membawa Nikmat (2)

Sengsara Membawa Nikmat (2) Oleh: Tika Ihwatika Puji syukur aku bisa menyelesaikan sekolah keguruanku sampai tamat. Tak kan kuceritakan suka dukanya menjalani kehidupan selama tiga tahun itu. Yang jelas banyak sekali hikmah yang kudapat selama bekerja di toko. Selain bisa sekolah, aku juga jadi punya keterampilan bisa menyetir mobil. Ya.. atas kebaikan majikan, aku diberi ijin untuk  belajar mengemudi secara mandiri menggunakan mobil miliknya. Beruntung sekali aku bisa mendapatkan bos sebaik dia. Oh ya.. setelah lulus sekolah, aku tak langsung pulang kampung. Aku tetap bekerja di toko. Namun setelah bisa menyetir mobil, aku dipercaya untuk mengantar jemput anaknya ke sekolah. Selain itu aku diminta untuk membimbing dan memberi les anaknya pada malam hari. Jadi aku tak lagi disibukkan dengan tugas berat di toko. Alhamdulillah aku  bersyukur sekali dengan kondisi ini. Aku semakin percaya bahwa dengan ilmu derajat kita akan meningkat. Bapak, ibu, Kak Doni, kak Ela dan kedua ka...

Cerbung: Sengsara Membawa Nikmat (3)

Sengsara Membawa Nikmat (3) Oleh : Tika Ihwatika Resmilah sudah kami pacaran. Setiap Sabtu sore aku selalu menunggunya pulang dari asrama dan mengantarkannya sampai di ujung gang menuju rumahnya. Hanya sebatas itulah pacaran kami, bertemu satu minggu sekali jika dia pulang dari asrama. Aku belum berani berkunjung ke rumahnya karena takut kalau orang tuanya tak setuju dengan hubunganku. Lagi pula dia belum pernah mengajakku main ke rumahnya. Hingga suatu hari aku memberanikan diri meminta ijin untuk main ke rumahnya di hari Minggu. Dia tak keberatan, bahkan dengan senang hati mempersilakanku untuk mengunjunginya. Aku tanyakan apakah orang tuanya takkan marah jika aku main ke rumahnya? Dia menjawab agar dicoba dulu, nanti lihat bagaimana sikapnya. Dia juga mengatakan kalau ayahnya sudah sakit-sakitan. Sementara ibu kandungnya sudah meninggal beberapa tahun yang lalu. Sekarang dia punya ibu tiri yang berprofesi sebagai guru. Mendengar ceritanya itu, aku jadi semakin sayang padanya, dan ...

Cerbung: Sengsara Membawa Nikmat (1)

Sengsara Membawa Nikmat (1) Oleh: Tika Ihwatika Tak pernah kubayangkan akan menjadi seorang guru dengan status PNS, mengingat aku hanyalah seorang pemuda yang miskin. Aku juga tak menyangka akan memiliki jodoh seorang bidan yang juga berstatus PNS. Semua berjalan tanpa kurencanakan. Namun aku mensyukuri semuanya sebagai takdir baik yang Allah berikan untukku. Alhamdulillah*** Terlahir sebagai bungsu dari 4 bersaudara, aku harus puas bersekolah hingga SMP saja. Saat itu ayah dan ibu sudah renta dan tak sanggup lagi membiayai sekolahku. Aku diminta untuk tidak melanjutkan ke tingkat SMA. Hal ini membuat hatiku sedih dan kecewa. Ada perasaan iri pada kak Doni kakak sulungku yang bisa melanjutkan sekolahnya hingga ke tingkat SMA, bahkan saat itu kak Doni sudah bekerja sebagai guru PNS di kota Garut. Sementara aku dan kedua kakakku yang lain tak mendapatkan kesempatan yang sama. Namun kecewaku tak berlangsung lama. Setelah ijazah SMP kuterima, kak Doni mengirim surat yang isinya menyuru...