Langsung ke konten utama

DURIAT REUNTAS DI JALAN (10)

#Duriat Reuntas di Jalan (10)
Ku: Tika Ihwatika

Meunang dua poé di Jakarta téh, sanggeus ngarasa tenang kuring balik ka Bandung. Samulangna ti Jakarta meunang 3 peuting noron kuring ngalakonan saran ti wa Ilis nyaéta solat istiharoh. Kuring bener-bener khusu ménta pituduh ti gusti sangkan bisa ngahasilkeun kaputusan anu hadé keur sararéa. Nepi ka poé kaopat kuring meunang katetegan haté, buleud rék ngabolaykeun rencana jatukrami jeung kang Ujang. Kuring geus teu hayang nyaho kumaha omongan  tatangga engké, kumaha kuciwana haté mamah, jeung kumaha nyerina haté kang Ujang. Kuring geus siap narima naon waé nu bakal jadi rasikona tina ieu kaputusan. Da anu  ngajalankeun hirupna ogé kuring. Pokona kuring geus nékad hayang ngahontal cita-cita naon waé rasikona.

Gep kana hp, klik milih nomer kang Ujang.. Bismillah.... kuring ngirim WA megatkeun duriat kang Ujang anu sakitu gedéna, ngahancurkeun impian jeung cita-cita kang Ujang pikeun hirup ngarumah tangga. Kuring ngetik bari juuh ku cimata. Sedih, nyeri haté, tugenah jeung sagala rupa rasa pagaliwota dina dada. Hampura kang Ujang...

Tong dikira haté kuring teu raheut, tong nyangka haté kuring teu rajét nyokot kaputusan nu ceuk batur mah mahiwal. Rasa nyaah kuring ka kang Ujang tetep aya, tapi kanyaah salaku adi kanu jadi lanceukna.

Sapoé harita mah kuring teu kaluar ti kosan. Haté tagiwur loba kasieun. Pastina téh lamun mamah jeung kulawarga di lembur tos nyarahoeun kuring ngabolaykeun jatukrami tangtu kana bakal arambe, nyangka nu lain-lain ka kuring.

Pating kolébat mangsa saminggu ka tukang kang Ujang jeung kuring balik ka lembur ngajajapkeun duit keur waragad hajat ka mamah. Ras deuih inget basa kang Ujang maturan kuring ningalian baju di toko baju Singaparna. Ya Allah.. singhoréng harita téh poé pamungkas kuring babarengan jeung kang Ujang. Asa nyeri haté tapi da ieu geus jadi pilihan kuring. Haté kang Ujang pasti leuwih nyeri batan kuring. Manéhna geus  loba pisan ngorbankeun sagalana pikeun ngahontal kahayangna kawin jeung kuring. Malahan mah demi keukeuh hayang ka kuring kang Ujang nepi ka wani nguciwakeun haté indung jeung lanceuk-lanceukna nu hayang ngajodokeun manéhna ka mojang batur salemburna. Duh kang Ujang.. hapunten pisan abdi..

Hp ngahaja disilent teu dinadaan sangkan teu kaganggu kunu nelpon, kaasup telpon ti kang Ujang ku kuring diantepkeun teu hayang narima. Lain ku ngéwa tapi bakat ku sieun teu bisa ngajawabna. Pakét data ogé ngahaja dipareuman ngarah teu kaganggu ku notifikasi medsos. Kuring bener-bener niis di kosan. Kabeneran ningang di poé Senén, suda kana dahar nginum suda kana gawé antukna sakalian wé puasa.

Nincak waktu magrib, kuring buka puasa saaya-aya, laju solat magrib dituluykeun wiridan jeung ngadu'a kanu maha kawasa. Kuring pasrah kana sagala resiko nu bakal katarima. Pating kolébat wajah mamah, bapa, kang Ujang, emana kang Ujang ogé lanceuk-lanceukna. Segruk deui kuring ceurik nyuuh dina sajadah.

Kuring narik napas, jung nangtung nyokot quran dina luhur lomari baju, laju ngaderes miceun katugenah haté. Bérés ngaderes beuteung karasa lapar, karék inget ti isuk-isuk can nyangu, kurah koréh kana bupet di dapur goréhél manggih indomie. Alhamdulillah tungtungna kuring masak indomie keur ganjel peujit tamba lapar.

Teu karasa ngong kadéngé sora adan isya, geuwat kuring ka cai ngadon wudlu, cong solat. Ari geus solat mah sok jongjon rék saré deui ogé.

Réngsé solat, gep deui kana hp, pakét data anu ti beurang kénéh dipareuman téh dihurungkeun deui. Bérébét puluhan malah ratusan pesan WA asup ngabring disada pating kalentrung. Ditingalian dipilihan mana nu kira-kira penting. Katingali aya WA jeung panggilan tak terjawab ti kang Ujang jeung ti mamah. Klik kana WA ti kang Ujang, barabat dibaca eusina matak nyeri matak peurih kana haté. Lain nyeri haté ku dicarékan tapi nyeri ku basa nu diucapkeun kang Unang jauh tina basa nyarékan sok komo mopokékeun mah. Teu aya basa nu nyalahkeun kuring, kabéh basana matak nenangkeun ati sanubari kuring. Ah..kang Ujang kunaon anjeun meni bageur bageur teuing ka kuring téh? Aya rasa salah anu kacida gedéna nu moal bisa dipopohokeun nepi ka iraha waé ogé. Rasa dosa rumasa geus ngamomorékeun kanyaah kang Ujang nu sakitu soléhna. Cimata ngajurulung juuh maseuhan pipi.

Klik kana WA ti mamah, katingali anu ambekna ka kuring. Sanajan basana teu kasar tapi cukup matak nyebtug kana angen. Rasa kuciwa mamah teu bisa disumputkeun deui. Kuring beuki tambah nyegruk ceurik balilihan sorangan.

"Mamah.. hapunten Isti, mugi mamah rido kana naon anu jadi kaputusan Isti.." ukur sakitu kuring ngabales WA mamah.

Mamah miwarang kuring sangkan balik heula ka lembur, tapi kuring nolak. Kuring sieun pada ngaréntog ku kulawarga jeung dulur-dulur nu aya di lembur. Tangtuna maranéhna bakal nyalahkeun kuring, nganggap kuring wanoja nu teu nalipak manéh. Nguping alesan kuring saperti kitu mah, mamah ogé jadi léah sok sanajan haténa ancur geus diwiwirang ku kuring alatan teu jadi kawin tapi mamah bisa narima kanyataan. Burung palung bodo gélo kuring masih kénéh anakna anu bijil tina rahimna. Mamah jarian kuring, mamah nu jadi panguat kuring. Alhamdulillah pada akhirna mamah rido jeung masrahkeun sagalana ka kuring. Atuh duit keur waragad hajat jeung keur balanja pakéan bawaeun seserahan rék saénggalna dipulangkeun. Alhamdulillah can kacocéng..

TAMAT

Komentar

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

Cerbung: Sengsara Membawa Nikmat (2)

Sengsara Membawa Nikmat (2) Oleh: Tika Ihwatika Puji syukur aku bisa menyelesaikan sekolah keguruanku sampai tamat. Tak kan kuceritakan suka dukanya menjalani kehidupan selama tiga tahun itu. Yang jelas banyak sekali hikmah yang kudapat selama bekerja di toko. Selain bisa sekolah, aku juga jadi punya keterampilan bisa menyetir mobil. Ya.. atas kebaikan majikan, aku diberi ijin untuk  belajar mengemudi secara mandiri menggunakan mobil miliknya. Beruntung sekali aku bisa mendapatkan bos sebaik dia. Oh ya.. setelah lulus sekolah, aku tak langsung pulang kampung. Aku tetap bekerja di toko. Namun setelah bisa menyetir mobil, aku dipercaya untuk mengantar jemput anaknya ke sekolah. Selain itu aku diminta untuk membimbing dan memberi les anaknya pada malam hari. Jadi aku tak lagi disibukkan dengan tugas berat di toko. Alhamdulillah aku  bersyukur sekali dengan kondisi ini. Aku semakin percaya bahwa dengan ilmu derajat kita akan meningkat. Bapak, ibu, Kak Doni, kak Ela dan kedua ka...

Cerbung: Sengsara Membawa Nikmat (3)

Sengsara Membawa Nikmat (3) Oleh : Tika Ihwatika Resmilah sudah kami pacaran. Setiap Sabtu sore aku selalu menunggunya pulang dari asrama dan mengantarkannya sampai di ujung gang menuju rumahnya. Hanya sebatas itulah pacaran kami, bertemu satu minggu sekali jika dia pulang dari asrama. Aku belum berani berkunjung ke rumahnya karena takut kalau orang tuanya tak setuju dengan hubunganku. Lagi pula dia belum pernah mengajakku main ke rumahnya. Hingga suatu hari aku memberanikan diri meminta ijin untuk main ke rumahnya di hari Minggu. Dia tak keberatan, bahkan dengan senang hati mempersilakanku untuk mengunjunginya. Aku tanyakan apakah orang tuanya takkan marah jika aku main ke rumahnya? Dia menjawab agar dicoba dulu, nanti lihat bagaimana sikapnya. Dia juga mengatakan kalau ayahnya sudah sakit-sakitan. Sementara ibu kandungnya sudah meninggal beberapa tahun yang lalu. Sekarang dia punya ibu tiri yang berprofesi sebagai guru. Mendengar ceritanya itu, aku jadi semakin sayang padanya, dan ...

Cerbung: Sengsara Membawa Nikmat (1)

Sengsara Membawa Nikmat (1) Oleh: Tika Ihwatika Tak pernah kubayangkan akan menjadi seorang guru dengan status PNS, mengingat aku hanyalah seorang pemuda yang miskin. Aku juga tak menyangka akan memiliki jodoh seorang bidan yang juga berstatus PNS. Semua berjalan tanpa kurencanakan. Namun aku mensyukuri semuanya sebagai takdir baik yang Allah berikan untukku. Alhamdulillah*** Terlahir sebagai bungsu dari 4 bersaudara, aku harus puas bersekolah hingga SMP saja. Saat itu ayah dan ibu sudah renta dan tak sanggup lagi membiayai sekolahku. Aku diminta untuk tidak melanjutkan ke tingkat SMA. Hal ini membuat hatiku sedih dan kecewa. Ada perasaan iri pada kak Doni kakak sulungku yang bisa melanjutkan sekolahnya hingga ke tingkat SMA, bahkan saat itu kak Doni sudah bekerja sebagai guru PNS di kota Garut. Sementara aku dan kedua kakakku yang lain tak mendapatkan kesempatan yang sama. Namun kecewaku tak berlangsung lama. Setelah ijazah SMP kuterima, kak Doni mengirim surat yang isinya menyuru...